Tampilkan di aplikasi

Buku Buku Sekolah Elektronik (BSE) hanya dapat dibaca di aplikasi myedisi reader pada Android smartphone, tablet, iPhone dan iPad.

Basa Sunda
Baca   Unduh

Basa Sunda

SMA/SMK/MA/MAK Kelas X - Kurikulum 2013

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Ikhtisar Lengkap   
Penulis: Tim BSE

Penerbit: Buku Sekolah Elektronik (BSE)
ISBN: 9786021300114
Terbit: Desember 2013 , 152 Halaman










Ikhtisar

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Pendahuluan / Prolog

Panganteur
Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/ MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK.

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh. Jaba deuih resep.

Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enyaenya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/Bapa Guru, boh enyaenya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana. Lian ti éta, kacida hadéna mun hidep getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda.

Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....

Bandung, Oktober 2013
Salam ti nu nyusun ieu buku

Daftar Isi

Sampul
Pangbagéa
Panganteur
Daptar eusi
Pangajaran 1: Biantara
     A. Maca Téks Biantara
     B. Nyangkem Struktur Biantara
     C. Neuleuman Padika Biantara
     D. Nganalisis Téks Biantara
     E. Nepikeun Biantara
Pangajaran 2: Paguneman
     A. Maca Téks Paguneman
     B. Nganalisis Paguneman
     C. Paguneman dina Karya Sastra
     D. Nyusun Téks Paguneman
     E. Metakeun Paguneman
Pangajaran 3: Biografi
     A. Maca Téks Biografi
     B. Biografi, Autobiografi, jeung Otobiografi
     C. Unsur-unsur Biografi
     D. Mangpaat Biografi
     E. Nganalisis Biografi
     F. Nyusun téks biografi
Pangajaran 4: Ngagunakeun aksara sunda
     A. Maca Téks Aksara Sunda
     B. Mikawanoh Aksara Sunda
     C. Paham Sajarah Aksara Sunda
     D. Nyalin Téks kana Aksara Sunda
     E. Ngagunakeun Aksara Sunda
Pangajaran 5: Dongeng
     A. Warna-warni Dongéng
     B. Papasingan Dongéng
     C. Ciri-ciri Dongéng
     D. Nganalisis Téks Dongéng
     E. Ngadongéng
Pangajaran 6: Carita wayang
     A. Mikawanoh Carita Wayang
     B. Pedaran Carita Wayang
     C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng
     D. Ngaanalisis Carita Wayang
Pangajaran 7: Carita pondok
     A. Maca Carpon
     B. Unsur-unsur Carita Pondok
     C. Kamekaran Carpon
     E. Fiksimini Sunda
     F. Nganalsisi Carpon
     G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini
Pangajaran 8: Guguritan
     A. Maca Téks Guguritan
     B. Mikawanoh Puisi Guguritan
     C. Nganalisis Puisi Guguritan
     D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan
Pangajaran 9: Sisindiran jeung wawangsalan anyar
     A. Mikawanoh Sisindiran
     B. Nyangkem Sisindiran
     C. Nganalisis Sisindiran
     D. Ngarang Sisindiran
Daftar Pustaka