Tampilkan di aplikasi

Buku Buku Sekolah Elektronik (BSE) hanya dapat dibaca di aplikasi myedisi reader pada Android smartphone, tablet, iPhone dan iPad.

Basa Sunda
Baca   Unduh

Basa Sunda

SD/MI Kelas V - Kurikulum 2013

Urang Sunda boga rupa-rupa kaulinan barudak. Kaulinan barudak téh ngandung rupa-rupa ajén kahirupan, di antarana waé, ajén hiburan, ajén olahraga, jeung ajén masarakat. Ayeuna ogé hidep bakal diajar ngeunaan kaulinan barudak. Kahirupan téh lumangsung pikeun mahluk Pangéran. Dina kahirupan muncul rupa-rupa kajadian. Kajadian bisa digambarkeun ku basa. Ayeuna hidep bakal diajar kajadian dina kahirupan nu ngawujud winangun pupuh.

Hidep sapopoé sok nulis maké huruf Latén. Réa rupana huruf atawa aksara téh. Ari hidep kungsi nempo huruf atawa aksara naon waé? Kungsi henteu nempo aksara Jawa, Cina, Jepang, atawa aksara India? Urang Sunda ogé boga aksara sorangan. Disebutna aksara Sunda. Dina hirup kumbuh téh urang kudu guyub jeung batur. Urang teu bisa hirup tanpa batur. Urang kudu akur jeung batur. Hirup rukun sauyunan. Papada urang kudu silih tulungan. Ayeuna hidep bakal diajar paguneman. Eusina nyaritakeun hirup sauyunan.

Ikhtisar Lengkap   
Penulis: Tatang Sumarsono / Ahmad Hadi / Ano Karsana

Penerbit: Buku Sekolah Elektronik (BSE)
ISBN: 9786021300008
Terbit: Desember 2013 , 112 Halaman

BUKU SERUPA










Ikhtisar

Urang Sunda boga rupa-rupa kaulinan barudak. Kaulinan barudak téh ngandung rupa-rupa ajén kahirupan, di antarana waé, ajén hiburan, ajén olahraga, jeung ajén masarakat. Ayeuna ogé hidep bakal diajar ngeunaan kaulinan barudak. Kahirupan téh lumangsung pikeun mahluk Pangéran. Dina kahirupan muncul rupa-rupa kajadian. Kajadian bisa digambarkeun ku basa. Ayeuna hidep bakal diajar kajadian dina kahirupan nu ngawujud winangun pupuh.

Hidep sapopoé sok nulis maké huruf Latén. Réa rupana huruf atawa aksara téh. Ari hidep kungsi nempo huruf atawa aksara naon waé? Kungsi henteu nempo aksara Jawa, Cina, Jepang, atawa aksara India? Urang Sunda ogé boga aksara sorangan. Disebutna aksara Sunda. Dina hirup kumbuh téh urang kudu guyub jeung batur. Urang teu bisa hirup tanpa batur. Urang kudu akur jeung batur. Hirup rukun sauyunan. Papada urang kudu silih tulungan. Ayeuna hidep bakal diajar paguneman. Eusina nyaritakeun hirup sauyunan.

Pendahuluan / Prolog

Panganteur
Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK.

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé.

Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Nya babari atuh. Jaba deuih resep.

Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/ Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana.

Lian ti éta, kacida hadéna mun hidep getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda. Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh.

Bandung, Oktober 2013
Salam ti nu nyusun ieu buku

Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih.

Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....

Daftar Isi

Sampul
Pangbagéa
Panganteur
Daptar Eusi
Pangajaran 1: Kaulinan
     A. Metakeun Kaulinan Barudak
     B. Medar Kaulinan
     C. Ngajembaran Wawasan
     D. Ngalarapkeun Kecap Kana Kalimah
     E. Ngadiskusikeun Kaulinan
     F. Metakeun Kaulinan
     G. Latihan
     H. Migawé Pancén Di Imah
Pangajaran 2: Kahirupan
     A. Nembangkeun Pupuh
     B. Ngadiskusikeun Pupuh
     C. Ngalarapkeun Kecap
     D. Nembangkeun jeung Ngadiskusikeun Pupuh
     E. Nyusun Pupuh
     F. Bacaeun di Imah
Pangajaran 3: Aksara Sunda
     A. Nengetan Aksara Sunda
     B. Mikawanoh Aksara Sunda
     C. Medar Aksara nu Mirip
     D. Nulis Aksara Sunda
     E. Maca Aksara Sunda
Pangajaran 4: Hirup Sauyunan
     A. Maca Bedas
     B. Nyangkem Eusi Paguneman
     C. Ngalarapkeun Kecap kana Kalimah
     D. Molahkeun Paguneman
     E. Migawé Latihan
     F. Ngalengkepan Paguneman
     G. Migawé Pancén di Imah
Pangajaran 5: Kasehatan
     A. Maca Jero Hate
     B. Ngadiskusikeun Ubar-Ubaran
     C. Medar Istilah Ubar-Ubaran
     D. Ngalarapkeun Kecap
     E. Ngajembaran Kaweruh
     F. Migawé Pancén di Imah
Pangajaran 6: Cinta Lemah Cai
     A. Maca Bedas Sajak
     B. Ngadiskusikeun Eusi Sajak
     C. Neangan Harti jeung Ngalarapkeun Kecap
     D. Nyamgkem Unsur Sajak
     E. Ngadiskusikeun Sajak
     F. Midangkeun Hasil Diskusi (Sawala)
     G. Migawé Pancén di Imah
Pangajaran 7: Kajadian
     A. Maca Jero Haté
     B. Nyawalakeun Eusi Carpon
     C. Ngalarapkeun Kecap
     D. Ngajembaran Carpon
     E. Néangan Harti Kecap
     F. Maca Carpon Di Imah
     G. Ngarang Carpon
     H. Nyaritakeun Eusi Carpon
Pangajaran 8: Kajadian Tempat
     A. Maca Jero Haté
     B. Ngadiskusikeun Dongeng Sasakala
     C. Ngalarapkeun Kecap
     D. Mikaweruh Dongéng
     E. Ngadongéng
     F. Ngajembaran Dongéng
     G. Néangan Dongéng
Daptar Pustaka