Tampilkan di aplikasi

Buku Buku Sekolah Elektronik (BSE) hanya dapat dibaca di aplikasi myedisi reader pada Android smartphone, tablet, iPhone dan iPad.

Basa Sunda
Baca   Unduh

Basa Sunda

SMP/MTs Kelas VII - Kurikulum 2013

P aguneman téh geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoé. Di mana waé asal amprok jeung nu wawuh sok terus ngobrol, komo jeung sobat nu geus heubeul teu panggih mah kadang terus uplek. Tah, ngobrol téh paguneman lisan, sakapeung teu ngaleunjeur, tampolana téma obrolan téh sok uclag-aclog tara jejem dina hiji téma. Béda deui jeung paguneman dina tulisan, boh basana boh kalimah-kalimahna, sok museur kana hiji téma. Dina pangajaran kahiji ayeuna diwanohkeun rupa-rupa paguneman, saperti paguneman sapopoé, paguneman dina naskah drama, paguneman dina diskusi, jeung saterusna, kaasup sagala rupa nu aya patalina jeung éta paguneman.

Ikhtisar Lengkap   
Penulis: Tatang Sumarsono / Ahmad Hadi / Ano Karsana

Penerbit: Buku Sekolah Elektronik (BSE)
ISBN: 9786021300077
Terbit: Desember 2013 , 124 Halaman










Ikhtisar

P aguneman téh geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoé. Di mana waé asal amprok jeung nu wawuh sok terus ngobrol, komo jeung sobat nu geus heubeul teu panggih mah kadang terus uplek. Tah, ngobrol téh paguneman lisan, sakapeung teu ngaleunjeur, tampolana téma obrolan téh sok uclag-aclog tara jejem dina hiji téma. Béda deui jeung paguneman dina tulisan, boh basana boh kalimah-kalimahna, sok museur kana hiji téma. Dina pangajaran kahiji ayeuna diwanohkeun rupa-rupa paguneman, saperti paguneman sapopoé, paguneman dina naskah drama, paguneman dina diskusi, jeung saterusna, kaasup sagala rupa nu aya patalina jeung éta paguneman.

Pendahuluan / Prolog

Panganteur
Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK.

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enyaenya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh.

Jaba deuih resep. Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana. Lian ti éta, kacida hadéna mun hidepo getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda.

Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....

Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana.

Lian ti éta, kacida hadéna mun hidepo getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda. Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....

Bandung, Oktober 2013
Salam ti nu nyusun ieu buku

Daftar Isi

Sampul
Pangbagéa
Panganteur
Daptar Eusi
Pangajaran 1: Paguneman
     A. Maca Jero Haté
     B. Medar Paguneman
     C. Metakeun Paguneman
     D. Paguneman dina Diskusi
     E. Kalimah Langsung dina Paguneman
     F. Miceun Tanda Kekenteng (" ... ")
     G. Nyusun Paguneman Jadi Wangun Skenario Drama
     H. Ngawanohkeun Kekecapan
Pangajaran 2: Kaulinan Barudak
     A. Maca Jero Haté
     B. Maca Skénario Kakawihan dina Kaulinan
     C. Medar Oray-orayan
     D. Nembangkeun Kakawihan
     E. Ngawanohkeun Kekecapan
Pangajaran 3: Wawaran jeung Iklan Layanan Masyarakat
     A. Maca Wawaran
     B. Maca Iklan Tinulis
     C. Ngaregepkeun Iklan dina Radio
     D. Ngabandungan Iklan dina Tv
     E. Medar Iklan-iklan di Luhur
     F. Medar Wawaran
     G. Kajembaran Basa
Pangajaran 4: Pangalaman Pribadi
     A. Maca Pangalaman Pribadi
     B. Pangalaman nu ditulis dina catetan poéan
     C. Nulis Carita Pangalaman
     D. Ngabandingkeun Pangalaman Pribadi jeung Catetan Poéan
     E. Padika Nyusun Pangalaman
     F. Ngalarapkeun Kecap
     G. Ngalarapkeun Babasan
     H. Ngalarapkeun Kapamalian
Pangajaran 5: Dongeng
     A. Maca Dongéng Sasatoan
     B. Medar Dongéng
     C. Babagian Dongéng
     D. Maca Dongéng Si Kabayan
     E. Tokoh Dongéng Siga Si Kabayan
     F. Maca Dongéng Sunan Gunung Jati
     G. Kajembaran Basa
Pangajaran 6: Sajak
     A. Maca Sajak
     B. Medar Perkara Sajak
     C. Ngadéklamasikeun Sajak
     D. Pedaran Déklamasi
     E. Ngarang Sajak
Pangajaran 7: Pupujian
     A. Nadomkeun Pupujian
     B. Nadomkeun Pupujian Babarengan
     C. Nyangkem Eusi Pupujian
     D. Wangun Pupujian
     E. Ngabandingkeun Pupujian jeung Sajak
Pangajaran 8: Aksara Sunda
     A. Nuliskeun Aksara Sunda
     B. Maca jeung Nulis Aksara Sunda
     C. Ngagunakeun Aksara Sunda
Daptar Pustaka