Tampilkan di aplikasi

Buku Buku Sekolah Elektronik (BSE) hanya dapat dibaca di aplikasi myedisi reader pada Android smartphone, tablet, iPhone dan iPad.

Basa Sunda
Baca   Unduh

Basa Sunda

SD/MI Kelas I - Kurikulum 2013

Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

Ikhtisar Lengkap   
Penulis: Tim BSE

Penerbit: Buku Sekolah Elektronik (BSE)
ISBN: 9786021300008
Terbit: Desember 2013 , 140 Halaman

BUKU SERUPA










Ikhtisar

Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

Pendahuluan / Prolog

Panganteur
Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK.

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda.

Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh. Jaba deuih resep. Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam.

Anu penting mah urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/ Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana. Lian ti éta, kacida hadéna mun hidepo getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda.

Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda. Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....

Daftar Isi

Sampul
Pangbagéa
Panganteur
Daptar Eusi
Pangajaran 1: Ngurus diri sorangan
     A. Ngaregepkeun carita
     B. Ngaregepkeun pedaran ngariksa badan
     C. Ngaregepkeun tembang
     D. Ngalisankeun jawaban
     E. Diajar maca 1
     F. Nuliskeun aksara 1
     G. Diajar maca 2
     H. Nuliskeun aksara 2
     I. Nuduhkeun gambar
     J. Diajar maca 3
     K. Diajar maca 4
     L. Latihan nulis
Pangajaran 2: Pangaresep
     A. Ngaregepkeun carita
     B. Ngedalkeun omongan
     C. Diajar maca 1
     D. Nuliskeun aksara
     E. Diajar maca 2
     F. Diajar maca 3
     G. Ngunikeun kecap
     H. Maca kalimah
     I. Latihan ngalengkepan kalimah
     J. Latihan nyalin kalimah
     K. Nyaritakeun gambar
     L. Latihan nuliskeun pangaresep
Pangajaran 3: Kagiatan
     A. Ngaregepkeun carita
     B. Nyaritakeun kagiatan
     C. Diajar maca 1
     D. Ngucapkeun kecap
     E. Maca kalimah 1
     F. Latihan ngalengkepan kalimah
     G. Diajar maca 2
     H. Maca kalimah 2
     I. Maca bedas
     J. Ngedalkeun jawaban
     K. Maca paguneman
     L. Latihan paguneman
Pangajaran 4: Kulawarga
     A. Ngaregepkeun carita
     B. Ngabandungan piwuruk
     C. Ngajawab pananya
     D. Nganggeuskeun kalimah
     E. Diajar maca
     F. Ngéjah aksara bari nuduhkeungambarna
     G. Ngagalantangkeun kalimah
     H. Ngalengkepan kalimah
     I. Molahkeun paguneman
     J. Maca bedas
     K. Nataan kulawarga jeung dulur
     L. Nataan kayaan di imah jeungsabudeureunana
Pangajaran 5: Pangalaman
     A. Maca bedas
     B. Ngabandungan pedaranpangalaman
     C. Nyaritakeun pangalaman
     D. Nyaritakeun gambar
     E. Ngagalantangkeun kalimahpananya
     F. Ngalengkepan kalimah kukecap pananya
     G. Nyusun kecap jadi kalimah
     H. Mikawanoh istilah tempat
     I. Ngalengkepan kalimah kuistilah tempat
     J. Nembangkeun pupuh
Pangajaran 6: Lingkungan sabundeureun
     A. Maca bedas
     B. Ngabandungan pedaran miara lingkungan
     C. Nganggeuskeun kalimah
     D. Diajar maca
     E. Ngucapkeun kalimah
     F. Nyalin kalimah
     G. Ngalengkepan kalimah
     H. Ngabandungan carita
     J. Nyaritakeun kerja bakti
     K. Niténan gunana pakakas
     L. Ngalengkepan kalimah kungaran barang
Pangajaran 7: Miara barang jeung mikanyaah sasatoan katut tatangkalan
     A. Ngaregepkeun tembang
     B. Ngabandungan pedaraneusi tembang
     C. Ngalengkepan kalimah
     D. Nyusun kalimah
     E. Nembangkeun pupuh kinanti
     F. Ngedalkeun omongan
     G. Maca bedas
     H. Nerangkeun gambar
     I. Nyalin pupuh kana aksara tulis
Pangajaran 8: Kajadian alam
     A. Maca bedas
     B. Ngabandungan pedarankajadian alam
     C. Ngedalkeun omongan nupatali jeung peristiwa alam
     D. Maca dina jero haté
     E. Ngalengkepan kalimah
     F. Nyusun kalimah
     G. Ngagalantangkeun kalimah
     H. Ngapalkeun kayaan
     I. Metakeun paguneman
     J. Nembangkeun pupuh
Daptar Pustaka