Tampilkan di aplikasi

Buku Buku Sekolah Elektronik (BSE) hanya dapat dibaca di aplikasi myedisi reader pada Android smartphone, tablet, iPhone dan iPad.

Basa Sunda
Baca   Unduh

Basa Sunda

SD/MI Kelas II - Kurikulum 2013

Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

Ikhtisar Lengkap   
Penulis: Tim BSE

Penerbit: Buku Sekolah Elektronik (BSE)
ISBN: 9786021300008
Terbit: Desember 2013 , 108 Halaman

BUKU SERUPA










Ikhtisar

Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

Pendahuluan / Prolog

Panganteur
Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/ MAK.

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah.

Loba kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh. Jaba deuih resep.

Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enya-enya, boh enyaenya ngabandungan pedaran ti Ibu/Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana.

Lian ti éta, kacida hadéna mun hidepo getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda. Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....

Daftar Isi

Sampul
Pangbagéa
Panganteur
Daptar Eusi
Pangajaran 1: Hirup sauyunan
     A. Ngaregepkeun Tembang
     B. Ngajawab Pananya
     C. Mikanyaho Kecap
     D. Nulis Kalimah
     E. Ngalemeskeun Kecap
     F. Nembangkeun Pupuh
     G. Nyangkem Pupuh
     H. Ngalengkepan Kalimah
     I. Nyaritakeun Gambar
Pangajaran 2: Kaulinan
     A. Ngaregepkeun Bacaan
     B. Nyangkem Eusi Bacaan
     C. Nyangkem Harti Kecap
     D. Nyaritakeun Eusi Bacaan
     E. Ngalarapkeun Kecap
     F. Ngajembaran Kaulinan
     G. Ngahartikeun Kecap
     H. Ngalarapkeun Kecap Anteuran
     I. Nyebutan Ngaran Bubuahan jeungTatangkalan
Pangajaran 3: Pancén
     A. Maca Jero Haté
     B. Ngajawab Pananya
     C. Mikaweruh Kecap
     D. Nyaritakeun Eusi Bacaan
     E. Ngalarapkeun Undak Usuk Basa
     F. Maca Ngajembaran
     G. Ngalengkepan Kalimah
     H. Migawé Pancén
Pangajaran 4: Lingkungan Sakola
     A. Maca Jero Haté
     B. Ngalisankeun Jawaban
     C. Nyebutan Gambar
     D. Ngalengkepan Kalimah
     E. Nyaritakeun Eusi Bacaan
     F. Ngawangun Kalimah
     G. Menerkeun Tulisan
Pangajaran 5: Hidup Beresih Tur Séhat
     A. Metakeun Paguneman
     B. Ngajawab Pananya
     C. Ngalarapkeun Kecap
     D. Ngalengkepan Kalimah
     E. Ngajembaran Paguneman
     G. Nyusun Paguneman
     H. Nembangkeun Pupuh
Pangajaran 6: Lingkungan Alam Sabudeureun Urang
     A. Maca Jero Haté
     B. Ngalisankeun Jawaban
     C. Mikawanoh Kecap
     D. Nyusun Kalimah
     E. Menerkeun Kalimah
     F. Nadomkeun Pupujian
     G. Maca Ngajembaran
Pangajaran 7: Miara Sasatoan Jeung Tutuwuhan
     A. Maca Jero Haté
     B. Ngalisankeun Jawaban
     C. Ngalengkepan Kalimah
     D. Nyusun Karangan
     E. Ngalarapkeun Kecap
     F. Nyusun Omongan
Pangajaran 8: Ngajaga Kasalametan
     A. Ngaregepkeun Kakawihan
     B. Ngalisankeun Jawaban
     C. Ngahariringkeun Kakawihan
     D. Ngalengkepan Kakawihan
     E. Ngajembaran Kakawihan
     F. Ngalarapkeun Kecap
     G. Nembangkeun Pupuh
Daptar Pustaka