Tampilkan di aplikasi

Buku Buku Sekolah Elektronik (BSE) hanya dapat dibaca di aplikasi myedisi reader pada Android smartphone, tablet, iPhone dan iPad.

Basa Sunda
Baca   Unduh

Basa Sunda

SD/MI Kelas IV - Kurikulum 2013

Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

Ikhtisar Lengkap   
Penulis: Tim BSE

Penerbit: Buku Sekolah Elektronik (BSE)
ISBN: 9786021300008
Terbit: Desember 2013 , 124 Halaman










Ikhtisar

Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

Pendahuluan / Prolog

Panganteur
Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK.

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda.

Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh. Jaba deuih resep. Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé.

Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/ Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana.

Lian ti éta, kacida hadéna mun hidep ogé getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda.

Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....

Daftar Isi

Sampul
Pangbagéa
Panganteur
Daptar Eusi
Pangajaran 1: Komunikasi Dina Pakumbuhan
     A. Maca Dina Jero Haté
     B. Ngabandungan Pupujian
     C. Ngalisankeun Jawaban
     D. Ngapalkeun Istilah Kaagamaan
     E. Ngadiskusikeun Istilah Kaagamaan
     F. Nyusun Pupujian
     G. Miwanoh Robahna Kecap
     H. Latihan Ngalarapkeun Robahna Kecap
Pangajaran 2: Hemat Energi
     A. Maca dina Jero Haté
     B. Nganggeus Kalimah
     C. Ngabandungan Pedaran Ngeunaan Hémat Énergi
     D. Ngadiskusikeun Eusi Stiker
     E. Nyusun Kalimah pikeun Stiker
     F. Ngapalkeun Jeung Latihan Kabeungharan Kecap
     G. Ngapalkeun jeung Latihan Ngeunaan IstilahKadaharan
Pangajaran 3: Silih Pikanyaah Papada Mahluk
     A. Ngabandungan Dongéng
     B. Nganggeuskeun Kalimah Dumasar Eusi Dongéng
     C. Maca Bedas
     D. Ngadiskusikeun Eusi Dongéng
     E. Metakeun Paguneman dina Dongéng
     F. Ngadongéng di Hareupeun Batur Sakelas
     G. Ngapalkeun Kabeungharan Kecap
     H. Ngantebkeun Kalimah
     I. Migawé Pancén di Imah
Pangajaran 4: Disiplin, Jujur, Jeung Tanggung Jawab Dina Pagawean
     A. Maca Bedas
     B. Ngabandungan Pedaran
     C. Ngadiskusikeun Rupa-Rupa Pagawéan jeung Kaahlian
     D. Nyusun Kalimah
     E. Nyusun Karangan
     F. Nganggeuskeun Karangan
     G. Ngalarapkeun Robahna Kecap
Pangajaran 5: Ngajenan Jasa Pahlawan
     A. Ngaregepkeun Tembang
     B. Ngadiskusikeun Eusi Tembang
     C. Nembangkeun Pupuh Babarengan
     D. Ngalengkepan Jajaran Pupuh
     E. NYUSUN PUPUH DUMASAR CARITA
     F. Nyusun Jajaran Pupuh
     G. Ngapalkeun Kabeungharan Kecap
     H. Ngalarapkeun Robahna Kecap
Pangajaran 6: Cinta Lemah Cai
     A. Ngaregepkeun Jeung Ngawihkeun
     B. Ngadiskusikeun Eusi Kawih
     C. Ngadiskusikeun Kandaga Kecap
     D. Ngawihkeun
     E. Ngajembaran Kawih
     F. Ngaregepkeun Pedaran Kawih
     G. Migawé Pancén
Pangajaran 7: Cita-Cita
     A. Maca Jero Haté
     B. Ngalisankeun Jawaban
     C. Ngalarapkeun Undak-Usuk Basa
     D. Ngajembaran Carita
     E. Ngajawab Pananya
     F. Ngalarapkeun Kecap
     G. Nuliskeun jeung Nyaritakeun Cita-Cita
Pangajaran 8: Lingkungan Padumukan
     A. Maca Jero Haté
     B. Nyangkem Eusi Bacaan
     C. Ngalengkepan Kalimah
     D. Nyusun Karangan DadaranYu, urang
     F. Maca Ngajembaran
     G Nyaritakeun Dadaran
Pangajaran 9: Kadaharan Sehat Has Sunda
     A. Maca Jero Haté
     B. Nyangkeum Eusi Pedaran
     C. Nyebutan Istilah Kadaharan
     D. Ngalarapkeun Kecap Kana Kalimah
     E. Nyawalakeun Kadaharan
     F. Midangkeun Hasil Sawala
     G. Latihan
     H. Migawé Pancén di Imah
     I. Néangan Kadaharan
Daptar Pustaka