Tampilkan di aplikasi

Buku Buku Sekolah Elektronik (BSE) hanya dapat dibaca di aplikasi myedisi reader pada Android smartphone, tablet, iPhone dan iPad.

Basa Sunda
Baca   Unduh

Basa Sunda

SMP/MTs Kelas VIII - Kurikulum 2013

Saha nu resep ngahariring? Ulah ngahariringna. Geura kawih-kawih Sunda ogé ngeunah pisan mun dihariringkeun. Nurutkeun K-pop waé nya panalungtikan paraahli, remen ngawih téh bisa ngaronjatkeun kamampuh gawé uteuk jeung ngurangan strés nepi ka 30 %. Wah...wah...gedé ogé nya mangpaat ngahariring téh. Lian ti kitu, kawih ogé bisa jadi média pikeun ngébréhkeun eusi haté. Nu matak, hayu geura urang diajar ngawih. Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar ngahaleuangkeun kawih-kawih Sunda, mahamkeun eusina, néangan purwakantina, jeung nyaritakeun eusina.

Ikhtisar Lengkap   
Penulis: Tatang Sumarsono / Ahmad Hadi / Ano Karsana

Penerbit: Buku Sekolah Elektronik (BSE)
ISBN: 9786021300077
Terbit: Desember 2013 , 173 Halaman










Ikhtisar

Saha nu resep ngahariring? Ulah ngahariringna. Geura kawih-kawih Sunda ogé ngeunah pisan mun dihariringkeun. Nurutkeun K-pop waé nya panalungtikan paraahli, remen ngawih téh bisa ngaronjatkeun kamampuh gawé uteuk jeung ngurangan strés nepi ka 30 %. Wah...wah...gedé ogé nya mangpaat ngahariring téh. Lian ti kitu, kawih ogé bisa jadi média pikeun ngébréhkeun eusi haté. Nu matak, hayu geura urang diajar ngawih. Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar ngahaleuangkeun kawih-kawih Sunda, mahamkeun eusina, néangan purwakantina, jeung nyaritakeun eusina.

Pendahuluan / Prolog

Panganteur
Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK.

Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enyaenya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.

Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah.

Loba kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh. Jaba deuih resep.

Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana.

Lian ti éta, kacida hadéna mun hidep getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda. Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....

Bandung, Oktober 2013
Salam ti nu nyusun ieu buku

Daftar Isi

Sampul
Pangbagéa
Panganteur
Daptar Eusi
Pangajaran 1: Kawih
     A. Ngaregepkeun Kawih
     B. Mahamkeun Eusi Kawih
     C. Medar Eusi Kawih
     D. Pancén
Pangajaran 2: Warta
     A. Maca Warta
     B. Medar Warta
     C. Nyarungsum Eusi Warta
Pangajaran 3: Guguritan
     A. Nembangkeun Guguritan Pupuh Sinom
     B. Mahamkeun Eusi Guguritan
     C. Nyangkem Guguritan
     D. Nulis Guguritan
     E. Pancén
Pangajaran 4: Sisindiran
     A. Maca Sisindiran dina Paguneman
     B. Nyangkem Sisindiran
     C. Nulis Sisindiran
     D. Maca Sisindiran dina Wangun Drama
     E. Pancén
Pangajaran 5: Biantara
     A. Maca Biantara
     B. Nyangkem Eusi Biantar
     C. Niténan Biantara
     D. Pancén Kelompok
     E. Pancén
Pangajaran 6: Bahasa Budaya Sunda
     A. Maca Bahasan
     B. Medar Eusi Bahasan
     C. Nulis Bahasan
     D. Niténan Bahasa
     E. Pancén
Pangajaran 7: Surat
     A. Maca Surat Dines
     B. Maca Surat Pribadi
     C. Maca Surat Ondangan Hajat
     D. Medar Surat
     E. Pancén
Pangajaran 8: Carita Pondok
     A. Maca Carita Pondok
     B. Medar Carita Pondok
     C. Niténan Carita Pondok
     D. Pancén
     E. Nulis Carita Pondok
     F. Pancén Mandiri
Daptar Pustaka